Tuesday, August 05, 2008

HUT WSAB

Hatur nuhun kanggo wargi sadaya nu tos nyempetkeun waktosna dina syukuran Milad WSAB nu ka-3 sakantenan arisan sasih Juli kocokan ka-3.

Alhamdulillah kamari urang tiasa kempel di Grand Indonesia (GI) ti tabuh 18.30 dugi 20.00 WIB kanggo pesertana masih club EDED nyaeta nu hadir, Molly, Fifie, Irma (ieu mah jarang2 yeuh),nana (anu gembul alias nyeepkeun si bentang WSAB GURILEM tea, Na ulah ngambek da ieu mah bukti otentik dipayuneun urang sadaya,haaaaaaaa), abdi tantri katambihan pun adi neng Yanti ti Bandung.

hatur nuhun kanggo neg Fifie nu tos nyiapkeun kue ultah WSAB (imut n geulis euy), Molly biasa tukang nyandak gurilem, abdi nyandak oleh2 ti Semarang Wingko babat, Irma nu tos nyiapkein lilin sareng korekna, tah ari Nana? sesuai (bhs Sunda na naon nya?) obrolan sateuacanna siap ngaraosan ,....alhamdulillah sadaya barokah n manfaat, padahal abdi oge tos nyiapkeun tupperware kanggo kue tea,haaaaaa.......alim rugi baraya.
alhamdulillah sadaya manfaat , amien....

Syukuran kamari di buka ku Irma nu nerangkeun sajarah WSAB, salajengna urang ka du'a kanggo ka langgengan WSAB mugi tiasa nyangreudkeun tali silaturahmi kanggo Wanita Sunda nu aya di WSAB sareng sasami Sunda umumna.


Dina arisan di GI anu kenging Neng Imol sareng neng Nana (sigana harita langsung balanja kitu?).Alhamdulillah.


Uih deui ka KUE ULTAH, eta kue teh sempet janten bentang meuni ka di potret teras tah kunu hadir teh, di bolak di balik di gular di gilir heboh pisan, teras di potret saatos kanggo lilin angka 3 dihurungkeun atuh dugi ka ngaleleh eta lilin teh malah dugi potong sagala, saur Irma teh "Halah geuning urang teh can niup lilin, sibuk ku motret" hiiiii......bakat ku reueus panginten nya.

Pas rengse acara mah eta kue teh atuh janten rebutan aya nu nyandak 4(abdi, heeee) ,Nana sabaraha hiji??? neng Imol mah teu nyandak, aya nu bade icalan kue oge nyaeta Neng irma, eta mah di borong weh eta kue sareng wadahna (sueeeer siga nu bade icalan,heeeee), kue seep, gurilem kitu oge, dugi ka Wingko babat oge ledis, alhamdulillah manfaat.

sakali deui hatur nuhun kanggo wargi sadaya, hatur nuhun dina sasarengan urang di WSAB mugi langkung pageuh tatali urang aya manfaat ,amien....

cag..........,

No comments: